Postingan

Mung Ka Gusti

 Nalika taya nu bisa mere bongbolongan tina sagala pasualan kahirupan dunya, Gusti mah ku sifat welas asihna siap mere jalan. Iwal Gusti nu teu menta naon-naon dina mangsa nulungan manusa, estuning ku kanyaahna, ku deudeuhna, ku asihna ka makhluk-Na.  Salian ti Allah mah susah, ribet, jeung susah dipenta tulung. Nu bisa nulungan ge sok ngadadak pura-pura riripuhan. Nu Maha uninga ka sadaya masalah urang, kasusah, kabingung, kabeungbeurat, iwal Allah.  Ku sabab kitu, nya urang kudu gagancangan balik ka Allah, sumujud ka Allah, sumerah pasrah ka Allah, neneda ngadu'a ka Allah. Da rek ka saha deui mun lain ka Allah. Allah Maha sagala-galana. Salian ti Allah mah geus pasti lemahna. 

Sesa Umur

 Umur teh beuki kokolot beuki ngurangan. Angkana mah nambahan, ngan hakikatna mah ngurangan. Jatah hirup di dunya dipungkas ku maot, maot teh pasti bakal datang, ngan waktuna nu rusiah mah. Ku sabab kitu taya deui jalan lintang ti ngagunakeun sesa umur ku mangpirang-pirang ibadah ka Gusti Allah. Sabab bakal rugi kacida mun seug sesa umur nu singget ngan dieusian ku pagawean-pagawean nu taya niley ibadah ka Allah. Sesa umur kudu dileubeutan ku rupa-rupa pepelakan amal soleh, nu bakal kasampeur jaga ganjaranana di aherat. Sesa umur nu sakeudeung kudu dieusian ku karya-karya nu mangpaat keur diri jeung balarea.

Hirup Lir Ibarat Langlayangan

 Nu ngaranna kahirupan di alam dunya, teu aya anger, pasti keuna ku robah. Hirup lir ibarat langlayangan, aya mangsa di handap aya mangsa di luhur. Kudu sadar, sabab mun teu sadar mah pasti bakal loba jalma  nu hirupna pinuh ku humandeuar, ngarasula, putus asa.  Di dunya mah moal aya nu abadi, nu abadi ngan wungkul Allah Subahanahu wa Ta'ala nyalira. Datang tuluy ilang. Bijil orok, jadi budak, dewasa, kolot, tuluy maot. Hirup moal salawasna senang, pasti bakal tinemu susah.  Nu penting mah urang kudu tumarima kana sadaya pamaparinan Gusti Allah nu mangrupa kani'matan nu teu kendat-kendat ti mimiti dina kandungan nu jadi indung nepika lahir jeung salila hirup di dunya.