Mung Ka Gusti

 Nalika taya nu bisa mere bongbolongan tina sagala pasualan kahirupan dunya, Gusti mah ku sifat welas asihna siap mere jalan. Iwal Gusti nu teu menta naon-naon dina mangsa nulungan manusa, estuning ku kanyaahna, ku deudeuhna, ku asihna ka makhluk-Na. 

Salian ti Allah mah susah, ribet, jeung susah dipenta tulung. Nu bisa nulungan ge sok ngadadak pura-pura riripuhan. Nu Maha uninga ka sadaya masalah urang, kasusah, kabingung, kabeungbeurat, iwal Allah. 

Ku sabab kitu, nya urang kudu gagancangan balik ka Allah, sumujud ka Allah, sumerah pasrah ka Allah, neneda ngadu'a ka Allah. Da rek ka saha deui mun lain ka Allah. Allah Maha sagala-galana. Salian ti Allah mah geus pasti lemahna. 

Komentar