Sesa Umur
Umur teh beuki kokolot beuki ngurangan. Angkana mah nambahan, ngan hakikatna mah ngurangan. Jatah hirup di dunya dipungkas ku maot, maot teh pasti bakal datang, ngan waktuna nu rusiah mah. Ku sabab kitu taya deui jalan lintang ti ngagunakeun sesa umur ku mangpirang-pirang ibadah ka Gusti Allah. Sabab bakal rugi kacida mun seug sesa umur nu singget ngan dieusian ku pagawean-pagawean nu taya niley ibadah ka Allah.
Sesa umur kudu dileubeutan ku rupa-rupa pepelakan amal soleh, nu bakal kasampeur jaga ganjaranana di aherat. Sesa umur nu sakeudeung kudu dieusian ku karya-karya nu mangpaat keur diri jeung balarea.
Komentar
Posting Komentar